tag:blogger.com,1999:blog-86859609937987311532024-02-20T15:48:25.067+07:00Tatar PasundanSanaos sakieu buktosna dina enggoning ngeuyeub-ngeuyeub media Basa Sunda, rumaos sanes ahlina namung mugia sing janten mangpaat sasieureun sabeunyeureun kanggo urang sadaya, utamina sing saha bae anu micinta Basa Sunda, mangga urang mitembeyan sasarengan ngarumat tur ngamumule Ki Sunda sakamampuh sewang-sewangan.Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.comBlogger574125tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-44626137022617124902014-07-29T19:50:00.000+07:002014-07-29T19:50:00.518+07:00Ngageuri Dina Sujud Iedul Fitri
Sajadah titilam hate nu pasrah
nyuubkeun cirumasa nu murubut tina panon rasa
sarta nitipkeun kalaip diri
nu salilana paanggang jeung sanubari
dina sela-sela du'a
kuring tamada:
"Gusti Nu Maha Wisesa,
pareumkeun ieu nu ngabebela dina dada
ku hujan kaheman nu rohaka
sarta leyurkeun ieu batu dina kalbu
ku gada pangriksa nu tohaga"
Sajadah titilam sukma nu leah
jadi saksi
nu ngageuri merih Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-68322528625897975192014-07-27T19:55:00.000+07:002014-07-27T19:55:00.672+07:00Wilujeng Boboran Syiam 1435 H
Batin nu usik nyaliksik diri
Bilih kasabit kaciwit ati
Karumpak ungkara basa
Kadudut kalindu qalbu
Mugia Ridho galih jembar
Panghampura tina samudayaning kalepatan
Wilujeng boboran syiam 1435 H
Hapunten samudaya kalepatan.
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-41846043736795337002014-05-12T19:53:00.000+07:002014-05-12T19:53:00.302+07:00Tandon
Ti dieu kuring mentangkeun tekad
rek maser angen-angen nu telenges
nu ngagunasika papada manusa
bongan urang diwaris wawanen
pikeun tandang nanjeurkeun ajen-inajen
Dagoan kuring hey nu ngarakrak dunya!
urang padungdung najan tacan kungsi tepung
balitungan bebeneran
'na ugeran kayakinan
urang tepung di gunung nu pinuh ku silalatu
urang amprok di lengkob nu sesa pelor
(Tan pakarang inyana miangAnonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com1tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-63306928076603379942014-05-10T19:52:00.000+07:002014-05-10T19:52:00.077+07:00Surat Ti Batukaras
'Na teu waas
mireungeuh nangtawingna cadas nu nyacas
jeung tingkulamprengna jalma nu karoneas?
Boa-boa
Guha Karang Legok Pari
nu kungsi didongengkeun kamari
bakal jadi ceungceuman kiwari
'Na enya panonoban jurig nyiliwuri
'na enya panyingkuran ipri
naon deui nu baris kadongdon
sabada parahu patingsoloyong
muru kaendahan alam green canyon
atawa baris aya nu ngintip
sabada mireungeuh nu teuleum Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-13920620723695146052014-05-07T19:51:00.000+07:002014-05-07T19:51:00.113+07:00Tanah Sunda
Kawih tingtrim nu kamari
suling jeung jentreng kacapi
haleuang paku sarakan galindeng bujang jeung lanjang
kiwari geus ilang musna
geus tilem ku mangsa
Guruminda Sangkuriang geus jauh ti kacapangan
pohaci jeung widadari lir impian nu geus bari
Aheng keneh dongeng sabrang
datang ti pentas lautan
Deudeuh tanah gumelar
ti taun ka taun kalantar
Hikmat Sadkar
Garut 1978
Tina Mangle No. 694, TaunAnonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-51390704219315159572014-05-05T08:18:00.000+07:002014-05-05T08:18:00.438+07:00Patanjala
Ti ajalina kuring ditibanan pancen
nembus gunung meulah lengkob
atawa mapay bubulak jeung padataran
Ti dituna kuring dipilih
malidkeun cikahuripan ka sagara
najan kudu kandeg heula di muara
Ti memehna kuring kapeto
lilimbungan di leuwi nu jero
handapeun nu ngaroyom leuweung kaso
Batu gunung hahalang sangkan kapahung
sihoreng ukur taringgul
sabot diri ngananaha ka Nu Agung
Etti RS
Bandung, Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-80241022866579488312014-05-03T19:48:00.000+07:002014-05-03T19:48:00.022+07:00Nu Balik Ngungsi
Ka dieu deui kuring masrahkeun diri
sanggeus ngasruk ditutur-tutur ku musuh
sanggeus leuseuh dibulen geugeuleuh
Ka dieu deui kuring balik
sanggeus diri pagilinggisik jeung licik
rek nyetrakeun ati nu busik
Ka dieu deui kuring mulang
masrahkeun raga nu kumoleang
ka Jungjunan
Nu Mibanda Heman Tanpa Wangenan
bari sumegruk
da awak ceda ku rucuk
Etti RS
Bandung, Januari 1995
Copyright © Tatar Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-83135646986534637212014-05-01T19:43:00.000+07:002014-05-01T19:43:01.901+07:00Insun Medal Insun Mandangan
Hiliwir angin peuting nyusup sanubari anu keu'eung
Nu bimbang dina hate ieu, hoyong di cobi dina hirup ieu
Namung abdi teu tiasa nyingkahkeun rasa was-was ieu
Masih kagambar waktos anu ka langkung, anu pinuh ku ka leupatan
Tapi abdi ngalengkah ku geutih nu masih nyesa nu aya na raga
Meureun masih keneh aya hareupan pikeun ngalakonan hirup
Mung sa'ukur bayangan nu aya dipayunen abdi
Dicobi, Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-9626672388015649882014-04-29T19:31:00.000+07:002014-04-29T19:31:00.406+07:00Paingan
Baju kameja surup jeung dasina
Mobil mewah harga nu pangmahalna
Pamajikan geulis emas berlian teu kaitung
Deposito numpuk di unggal bank
Naon deui atuh nu diudag
Naon deui atuh nu tacan kahontal
Naon deui atuh nu rek dicokot
Naon deui atuh anu rek disumputkeun
Dimana disumputkeunna
Geuningan geus teu kawadahan bakating loba hartana
Wadah jeung tempat nyumputna geus teu sanggupeun
Hooooonnnng Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-7588418653159038612014-04-27T19:30:00.000+07:002014-04-27T19:30:00.651+07:00Akhirna
Tamat lalagasan teh
Cunduk waktuna
Datang mangsana
Diwalimahan dinten Saptu
Teu puguh raraosan
Rampang-reumpeung teu puguh rabak
Sakedap deui kuring jadi garwana Kang Didi
Alhamdulillah ngarangkep akhirna
Kang Didi
Abdi ridho sasarengan hirup sareng salira
Mugia Akang janten imam dunya akherat
Ya Allah
Mugia diijabah
Amin
Iis Nur Aisyah
Bdg,260313
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-61351496924734801802014-04-26T19:31:00.002+07:002014-04-26T19:31:22.697+07:00Teu Melang
Kuring hiji jalma
Nu tuna harta katut harti
Moal matak seseleket
Moal matak kekedemes
Isin ku lampah teu payus
Isin ku Allah SWT
Ku balarea ?
Ku salira ?
Sami nun
Isin mun nu goreng deukeut diri
Sieuh sing jauh
Teu melang teu nineung
Talajak teu uni
Piceun ka sabrang
Kaditu sina palid teu balik deui
Iis Nur Aisyah
Bdg, 090413
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-46502223548504972762014-04-19T12:10:00.000+07:002014-04-19T12:10:20.836+07:00Punten
Kuresep ngintun like statusna
kubetah ngintun komen statusna
Silih pairan komen
Silih tembal liwat tulisan
Akrab, dalit najan di dumay
Rarasaan deukeut
Rarasaan aya panyangked
Jorojoy asa aya tali nu deudeupeun
Ih naha bet kieu
Lengoh kitu dirina
Teu aya nu miboga kitu
Punten kang, abdi rada nyawang salira
Kenging : INA
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-72414676783066233862014-04-09T18:06:00.000+07:002014-04-09T18:06:24.071+07:00Kokoro
Am dahar
Sagala dihuapkeun
Sagala disakuan
Nyumputkeun, ngagehkeun majar keur engke
Kedewek hancengan dijewang
Dibeakkeun majar keur kasosialan
Keur nyumbang panti asuhan oge rumah jompo
Label loyal di kahareupkeun
Reueus
Dipuji
Dipamerkeun
Ka balarea
Aduh-aduh
Geuningan mengkol di rekening bank
Geuningan mengkol dina sawah, balong, pasir, apartemen jeung sajabana.
waaahhh napel di milik Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-86735638659643985902014-04-01T17:55:00.000+07:002014-04-01T17:55:17.127+07:00Tobat
Jodo, pati, bagja, cilaka
Teu apal iraha waktuna
Mugi Allah SWT ngahapunten
Ka diri nu pinuh ku dosa
Mugi khusnul khotimah
Nyarengan diri abdi
' Nyieun rujak diladaan
Nu ngarendosna Bi Aat
Omat tong kamalinaan
Iman Islam kudu kuat
Leumpangna sisi wahangan
Di handap aya buaya
Jalma kadar wawayangan
Henteu daya teu upaya '
Iis Nur Aisyah
Bdg, 210313
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-57109973543826923492014-03-30T20:23:00.000+07:002014-03-30T20:23:24.856+07:00Sugan Teh Bulan
Kahayang mah sareundeuk saigel bari sabobot sapihaneam
Aiih,geuningan teu salawasna impian luyu jeung kabagjaan
Sugan kuring teh anjeun mah bulan anu satia maturan peuting
Sugan kuringmah panon poe anu satia marengan beurang
Sumpah sagala rasa, ilang sirna geus taya sesa,lain rek jalir tina jangji tapi cape ngabohongan diri.
Cag...ah urang cacapkeun lalampahan urang duaan batan hirup ukur Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-31128529131887427332014-03-29T16:54:00.000+07:002014-03-29T16:54:06.235+07:00Bulan Nineung, Bulan Nu Saha
Bulan nineung
bulan saha
bulan pangharepan
bulan urang duaan
Bulan nineung
bulan saha
bulan karisi-kamelang
bulan lin nu duaan
Bulan nineung
bulan saha
bulan kuring
bulan anjeun
bulan katineung
bulan nu saha
bulan katineung
bulan duka nu saha
Rosyid E. Abby
by-pass 17 juni 1992
Galura. No. 14 Taun ka-4, Minggu, 1 Juli 1992
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-51159906225274616532014-03-27T09:04:00.000+07:002014-03-27T09:04:00.099+07:00Bengkok Tikoro
Lanyun deui
Lanyun deui
Manyun deui
Manyun deui
Euuhh beakkeun ku batur
Euuhh karebut ku anu lian
Euuhh dipaok ku anu sejen
Euuhh bengkok tikoro taah ngaranna
Sabar bageur
Tong hariwang
Tong ambek
Tong handeueul
Teu nanaon bengkok tikoro
Tandaning lain milik
Tandaning tacan milik diri
Keun hiji waktu aya milik nu teu disangka-sangka
Kenging : INA
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-8675417752984843182014-03-26T09:15:00.000+07:002014-03-26T09:15:00.062+07:00Kareret
Hurungkeun tiup seuneuna
Ulah kagok alah batan
Henteu pira ngawitanna
Kareret sakolebatan
Sireum malayuna Semut
Diapalkeun langkung sae
Ngareret terasna imut
Geuningan bet emut bae
Dikiloan sabaraha
Dijual ngaran kararas
Kumaha atuh kumaha
Hoyongna papendak teras
Dagang baju-baju kaos
Pagaweanna Mang Nono
Naha salira ngaraos
Aya nu nyimpen kasono
Iis Nur Aisyah
Bdg, 050413
Copyright © Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-55816200977851578282014-03-25T09:16:00.000+07:002014-03-25T09:16:00.029+07:00Panggede
Jep jempe...aya panggede liwat
Tong ribut atuh
Omat tong mungpang kahayangna
Sumuhun dawuh ...jigana aman
Teu langkung Pangersa
Bakal gumbiraeun geura ... mun pok kitu
Saha atuh Panggede nu dimaksud teh
Gegeden tea kitu
Atawa tamu agung...anu cinta rahayat
Ah muga-muga anu deukeut ka rahayat
Anu miheulakeun kabutuh balarea batan dirina
Bagea Panggede...haturan wilujeng sumping !
Kenging : Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-67858884047712940622014-03-24T20:11:00.000+07:002014-03-24T20:11:00.626+07:00Hayang Kataji
Sakocepat
Sakedapan
Teu euleum-euleum
Ngaku pangjagona
Ngaku pang pahlawanna
Tabe kahayangna
Sumuhun dawuh nungtutna
Oke Bos
Oke Tuan
Oke Juragan
Karesepna kitu ku balarea
Dipuja-dipuji hayang kataji
Dipunjang-dipunjung hayang disanjung
Aeh-aeh cape atuh kudu kitu gawe mah
Pan lain kudu silih pikanyaah antara urang teh?
Kenging : INA
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-85210891238104299442014-03-23T20:10:00.000+07:002014-03-23T20:10:00.087+07:00Akal Bulus
Adul keur maen bal di buruan imah tatanggana, keur anteung maen bal sorangan, balna di sepak satarikna keuna kana kaca jandela nepi ka peupeus. Mangkaning tatanggana randa, teu lila nu boga imah kaluar bari nyarekanan, si Adul ngabeucir lumpat.
Sajaba ti kitu manehna mikir, kumaha carana supados bal nu di jero imah bisa beunang deui, teu lila si Adul meunang akal. Teu ngendek lila si Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-8088448787341280372014-03-22T20:08:00.000+07:002014-03-22T20:08:00.364+07:00Cinta Sajati
Ti anggangna ieu duriat.
Ngalir cinta tali asih dina getih.
Saraga sabatin sahaté.
Raga anjeun aya dina jiwa abdi.
Jiwa anjeun aya dina batin abdi.
Satuhu kana pasini.
Saestu kana jangji.
Sasarengan,
mayunan kahirupan sangkan pendak kabagjaan.
Diiket ku pasemon jiwa.
Diraket ku kaagungan cinta.
Urang ulah rék pukah.
Urang ulah rék pisah.
Geugeut nyantélkeun cinta dugikeun yuswa ngantunkeun Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-32551698704858434492014-03-22T13:19:00.000+07:002014-03-22T13:19:00.034+07:00Nyamos
Kuntang-kinteung
Kamana atuh melang
Tengah peuting kululuasan
Teu basa teu carita
Diantosan, nyamos
Deudeupeun, bakating sieun
Ngalangkang, hayang mah caang
Nyacas, hayang mah bengras
Aleum, sabab teu kateuleuman
Na kamana atuh panutan teh
Minggat teu puguh laratan
Pundung tanpa padungdung
Iis Nur Aisyah
Bdg, 020413
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-16097353044632707382014-03-21T13:25:00.000+07:002014-03-21T13:25:00.791+07:00Nguyung
Asih urang teh bet dugi dieu ning
Abot geulis paturay teh
Longkewang asa di awang-awang
Nguyung asa dialungkeun ka walungan
Ngalengleong palid ka hilir
Bari narawangan loba pikir
Nyuuh kana lahunan kanyaah
Tapi duka kanyaah saha
Beu
Nalangsa
Iis Nur Aisyah
Bdg, 310313
Copyright © Tatar Pasundan
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-8685960993798731153.post-56837300422271485512014-03-20T13:30:00.000+07:002014-03-20T13:30:04.482+07:00Balad Kuring
Takdir teu beunang dipungkir
Jodo, pati, bagja, cilaka
Kagungan Mantenna
Rumasa baheula moyok
Rumasa baheula kuring ngalalaworakeun
Rumasa baheula nganggap enteng
Rumasa baheula henteu percaya
Eta sapuluh taun ka tukang
Jajaka gandang
Teu sangka anjeun teh balad kuring
Balad ulin maen karet, galah, gatrik jeung sajabana
Euh teu nyangka saeutik-eutik acan
Haturan nepangkeun, abdi “ Nining “
Anonymoushttp://www.blogger.com/profile/02266967987235923222noreply@blogger.com0